Istilah Patempatan Dina Bahasa Sunda
carasunda.com- Istilah Patempatan Dina Bahasa Sunda Istilah patempatan dina bahasa sunda mangrupa sesebutan ngaran-ngaran daerah anu geus maranti. Geura urang tengetan sawatara conto istilah patempatan ieu! Babantar : bab walungan anu déét Bobojong : tanah anu nyodor ka cai di sisi walungan Huma : tanah di lamping gunung anu dipelakan paré Jungkrang : bab taneuh anu jero, sisi-sisina gurawés Kebon : tanah anu dipelakan ku rupa-rupa pepelakan Lamping : bab gunung antara puncak jeung tutugan Lembur : kampung, daerah padumukan Leuwi : bab walungan anu jero Muara : tungtung walungan, daerah patepungna walungan jeung laut Mumunggang : bab gunung/pasir anu pangluhurna (tonggong gunung) Pasir : gunung leutik sarta handap Sampalan : tegalan, tanah datar di leuweung/sisi lembur Situ : sarupa balong ngan leuwih gedé Tutugan : suku gunung Walungan : cai gedé anu ngocor ti girang ka muara Babakan : Lembur anyar Gosali : daerah panday Tepiswiring : pilemburan di pasisian Se...