Ngaran Sangkar Sasatoan Dina Bahasa Sunda



carasunda.com-Ngaran Kandang Sasatoan Dina Bahasa Sunda
Ngaran sangkar sasatoan dina Bahasa Sunda ngabogaan istilah anu maneuh. Boh kandangna leutik atawa gedé sarua waé. Geura tengetan ngaran sangkar sasatoan dina Bahasa Sunda ieu.
Paranjé = sangkar hayam, entog, meri atawa sarupaning unggas
Istal/gedogan= sangkar kuda/domba
Pagupon = sangkar japati
Karapyak = sangkar sapi/munding
Kurung = sangkar manuk
Karangkéng/garogol = sangkar maung atawa sangkar sato galak
Buleng = sangkar lauk
Tah éta sabagian tina ngaran sangkar sasatoan dina bahasa sunda. Teu nutup kamungkinan aya dulur carasunda anu rék nambahan, sok tulis dina kolom koméntar di handap!


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kereta Api Terpanjang Di Dunia, Ada Di 4 Negara Ini?

Profil Sudrajat Calon Gubernur Jawa Barat Kurun 2018-2023

Istilah Tatanén Dina Bahasa Sunda