Postingan

Menampilkan postingan dengan label Sisindiran

Sisindiran Sésébréd Atawa Banyol

Gambar
Leuleumpangan meuli asmun Jalanna ka Panyingkiran Ulah sok loba ngalamun Mending urang sisindiran Itu naon itu naon Anu hideung na bujalna Itu naon itu naon Anu ngacung na calana Mésér sekuteng ka Bogor teu hilap mésér batagor tuh naon di jero kolor geuning péstol dua pélor Meuli loték meuli loték Daharna sisi walungan Abdi géték abdi géték Dicium kunu kumisan sok hayang ka Kadipaten meuli bandeng ngansarébu sok hayang jadi pangantén ngarah mindeng ganti baju hanjuang ngan dua tangkal diala bari dibedol hanjakal geuning hanjakal budak geulis kedaluwarsa jéngkol lamun aki mawa kecrik tong poho mawa wadahna kunaon aki beut ceurik hayang nyusu ka ninina

Sisindiran Paparikan Silihasih

Gambar
carasunda.com-Ieu aya conto-conto sisindiran paparikan silihasih . Geura tengetan hiji-hiji! Galatik manuk galatik Euntreup dina luhur sumur Di tungguan ti leuleutik Geus gede di rebut batur Anu pondok osok nyogok Anu nyugak rada panjang Lamun sono hayu mondok Lamun melang hayu nganjang Haruman Gunung Haruman jeruk bagus mapag lemo kaluman kuring kaluman urut pagalentor sono Leumeung teundeut cocongoan jalanna ka Rajagaluh ayeuna rék sosonoan isuk mah urang pajauh Beak daun beak randu unggal poe dibikeunan Beak taun beak windu moal weleh dileukeunan Cau ambon dikorangan malati ka pipir-pipir akang nu ambon sorangan Nyai mah teu mikir-mikir Nunda boléd keur seupaneun Ditutupan daun hiris Nu heubeul moal dipiceun Lumayan keur batur tiris Rujak petis rujak hiris Diwadahan kana batok Hujan peuting matak tiris Rék disimbut jeung nu montok Sok ayeuna jieun sisindiran paparikan silihasih dina kolom komentar di handap!

Sisindiran Paparikan Piwuruk

Gambar
carasunda.com-sisindiran paparikan piwuruk Peupeujeuh ari ka dayeuh, Meuli kupat jeung goréngan. Peupeujeuh lamun geus euweuh, Ulah ngupat kagoréngan Ka Talaga meuli peusing Peusing terbelakang jeung anakna Ulah sok loba kapusing Bisi terbelakang can waktuna Bobor emas dua réal dilebur leungit saréal Mun campur jeung jalma royal manéh tangtu milu royal Ka kulah nyiar kapiting, Ngocok-ngocok bobodasna. Ulah sok liar ti peuting, Osok loba gogodana. Peupeujeuh ari geus cenghar Jung indit ka balarea Peupeujeuh ari geus beunghar Ulah poho ka sarerea Saméméh ngamparkeun kasur samak heula ambéh rinéh Saméméh nyalahkeun batur tilik heula awak manéh Nyimpang paré deukeut pager tumpukanana ngajajar Tinimbang jeung udar-ider leuwih hadé gé diajar Nanggap wayang diheulakeun bodorna Cépot jeung Garéng Murid nu rajin ngapalkeun moal meunang peunteun goréng

Sisindiran Rarakitan Silihasih

Gambar
Daék sotéh ka Ciamis, Ka situna mah teu purun. Daék sotéh ka nu geulis, Ka nu itu mah teu purun. Sapanjang jalan Soréang, Moal weléh diaspalan. Sapanjang tacan kasorang, Moal weléh diakalan. Hayang teuing buah hiris, Teu dapat ngalaannana. Hayang teuing ka nu geulis, Teu dapat ngakalanana. Lamun urang ka Cikolé, Moah hésé ngala honjé. Lamun urang boga gawé, Moal hésé ka awéwé. Nyai ulah ngala sembung, lamun akang rék ka Bandung. Nyai ulah waka pundung, Lamun akang hayang nyandung. Kuring mah alim ka Bandung, hayang ka Sumedang waé. Kuring mah alim dicandung, hayang ku sorangan wae. Saha itu muril kumis, Sing horéng bapana Didi. Saha itu anu geulis, Sing horéng kabogoh abdi. Hayang teuing buah ngora, tapi teu boga tangkalna. Hayang teuing ka nyi randa, tapi sieun ku mantanna. Ka mana néangan kuda, rék dibawa ka basisir. Ka mana néangan randa, rék di bawa nya pelesir. Ku hayang nya cocongoan, jaga urang ngala suluh. Ku hayang nya sosonoan,...

Sisindiran Paparikan

Gambar
carasunda.com- Sisindiran Paparikan Ieu di handap aya sababaraha conto sisindiran paparikan anu eusina mangrupa piwuruk atawa nasѐhat, silihasih jeung sѐsѐbrѐd atawa banyol. Sisindiran Paparikan Piwuruk Kuring nu jadi lalakon Tapi rѐk ulin jeung saha Kahayang moal kalakon Lamun henteu jeung usaha Kadѐ ulah maѐn catur Komo maenna di Darma Kade ulah jail ka batur Bisi anjeun meunang karma Sisindiran Paparikan Silihasih Kuring rѐk ulin ka tonggoh Di tonggoh rѐk maѐn catur Kuring nyaah kuring bogoh Ngan hanjakal geus ku batur Lamun urang keur puasa Ulah sok ngieunan dosa Itu saha itu saha Sing horѐng tѐh mojang sunda Sisindiran Paparikan Sѐsѐbrѐd atawa Banyol Ka Cihaur jeung nѐng Lilis Sakalian ѐrѐk gacong Sugan tѐh awѐwѐ geulis Geuningan beut siga bѐncong Galatik manuk galatik Dina dahan sok cicingna Keun baѐ nu akang leutik Anu  penting mah rasana Mangga tambilan conto sisindiran paparikan sѐjѐnna dina kolom komѐntar, eusina piwuruk atawa n...

Sisindiran Urang Sunda : Silihasih

Gambar
Ka basisir pelesiran Pelesiran jeung nyi randa Hayu urang sisindiran Sisindiran Urang Sunda Cikaracak ninggal batu laun-laun jadi legok Lamun rek neangan mantu Cenah hayang kanu denok Kuring dahar arumanis Arumanis nu kamari Saha itu anu geulis Singhoreng kabogoh abdi Abdi calik dina bangku Bangkuna coklat warnana Euleuh akang ngaku-ngaku Kenal ge karek ayeuna Ka Bandung ka Rancaekek Ka Sumedang meuli tahu Lamun enya nyai daek Hayu urang ka panghulu Ka Sumedang meuli tahu Geuning tahu rasa amis Abdi kersa ka panghulu Tapi sareng akang Kumis Kang kumis meuni kilimis Kilimis ku cai hujan Deudeuh teuing anu geulis Kang Kumis atos buntutan Ka warung rek meuli toge Tapi teu aya artosna Wios ah buntutan oge Nu penting seueur artosna Buah sirsak buah salak Dirujak jeung jambu mede Pantesan akang ditolak Singhoreng nyai teh matre