Postingan

Menampilkan postingan dari November, 2018

Sisindiran Sésébréd Atawa Banyol

Gambar
Leuleumpangan meuli asmun Jalanna ka Panyingkiran Ulah sok loba ngalamun Mending urang sisindiran Itu naon itu naon Anu hideung na bujalna Itu naon itu naon Anu ngacung na calana Mésér sekuteng ka Bogor teu hilap mésér batagor tuh naon di jero kolor geuning péstol dua pélor Meuli loték meuli loték Daharna sisi walungan Abdi géték abdi géték Dicium kunu kumisan sok hayang ka Kadipaten meuli bandeng ngansarébu sok hayang jadi pangantén ngarah mindeng ganti baju hanjuang ngan dua tangkal diala bari dibedol hanjakal geuning hanjakal budak geulis kedaluwarsa jéngkol lamun aki mawa kecrik tong poho mawa wadahna kunaon aki beut ceurik hayang nyusu ka ninina