Sisindiran Paparikan



carasunda.com-Sisindiran Paparikan
Ieu di handap aya sababaraha conto sisindiran paparikan anu eusina mangrupa piwuruk atawa nasѐhat, silihasih jeung sѐsѐbrѐd atawa banyol.

Sisindiran Paparikan Piwuruk

Kuring nu jadi lalakon
Tapi rѐk ulin jeung saha
Kahayang moal kalakon
Lamun henteu jeung usaha

Kadѐ ulah maѐn catur
Komo maenna di Darma
Kade ulah jail ka batur
Bisi anjeun meunang karma

Sisindiran Paparikan Silihasih

Kuring rѐk ulin ka tonggoh
Di tonggoh rѐk maѐn catur
Kuring nyaah kuring bogoh
Ngan hanjakal geus ku batur

Lamun urang keur puasa
Ulah sok ngieunan dosa
Itu saha itu saha
Sing horѐng tѐh mojang sunda

Sisindiran Paparikan Sѐsѐbrѐd atawa Banyol

Ka Cihaur jeung nѐng Lilis
Sakalian ѐrѐk gacong
Sugan tѐh awѐwѐ geulis
Geuningan beut siga bѐncong

Galatik manuk galatik
Dina dahan sok cicingna
Keun baѐ nu akang leutik
Anu  penting mah rasana

Mangga tambilan conto sisindiran paparikan sѐjѐnna dina kolom komѐntar, eusina piwuruk atawa nasѐhat, silihasih, jeung sѐsѐbrѐd atawa banyol.








Komentar

Postingan populer dari blog ini

Istilah Tatanén Dina Bahasa Sunda

Lalampahan Kuring Ka Yogyakarta

Profil Ridwan Kamil Calon Gubernur Jawa Barat Masa 2018-2023