Istilah Patempatan Dina Bahasa Sunda



carasunda.com-Istilah Patempatan Dina Bahasa Sunda
Istilah patempatan dina bahasa sunda mangrupa sesebutan ngaran-ngaran daerah anu geus maranti. Geura urang tengetan sawatara conto istilah patempatan ieu!
Babantar : bab walungan anu déét
Bobojong : tanah anu nyodor ka cai di sisi walungan
Huma : tanah di lamping gunung anu dipelakan paré
Jungkrang : bab taneuh anu jero, sisi-sisina gurawés
Kebon : tanah anu dipelakan ku rupa-rupa pepelakan
Lamping : bab gunung antara puncak jeung tutugan
Lembur : kampung, daerah padumukan
Leuwi : bab walungan anu jero
Muara : tungtung walungan, daerah patepungna walungan jeung laut
Mumunggang : bab gunung/pasir anu pangluhurna (tonggong gunung)
Pasir : gunung leutik sarta handap
Sampalan : tegalan, tanah datar di leuweung/sisi lembur
Situ : sarupa balong ngan leuwih gedé
Tutugan : suku gunung
Walungan : cai gedé anu ngocor ti girang ka muara
Babakan : Lembur anyar
Gosali : daerah panday
Tepiswiring : pilemburan di pasisian
Seueur kénéh istilah petempatan dina bahasa sunda anu séjénna. Insya Allah ka payun urang bahas deui.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kereta Api Terpanjang Di Dunia, Ada Di 4 Negara Ini?

Profil Sudrajat Calon Gubernur Jawa Barat Kurun 2018-2023

Istilah Tatanén Dina Bahasa Sunda