Ngaran Kekembangan Dina Bahasa Sunda



carasunda.com-Ngaran Kekembangan Dina Bahasa Sunda
Ngaran kekembangan dina bahasa sunda ngabogaan istilah anu maneuh jeung unik. Geura ilikan sababaraha ngaran kembang dina bahasa sunda ieu :
Aléwoh = kembang waluh
Ulated = kembang bawang
Bolotot = kembang cabé
Suligar = kembang kalapa
Bosongot = kembang bako
Ringsang = kembang paré
Comrang = kembang honjé
Olohok = kembang kadu
Eumbreuk = kembang awi
Sunbulat = kembang jambé
Gélényé = kembang génjér
Jamotrot =  kembang laja
Péncéngés = kembang céngék
Jelengut = kembang cikur
Jalinger = kembang jaat
Badaus = kembang tiwu
Moncorong = kembang terong 
Pendul = kembang peuteuy
Dingdet = kembang sampeu
Ngaran kekembangan dina bahasa sunda masih kénéh seueur. Mangga para wargi cara sunda tambihan dina kolom koméntar!

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kereta Api Terpanjang Di Dunia, Ada Di 4 Negara Ini?

Soal Latihan Usbn Sma/Ma/Smk Kurikulum 2013

Profil Sudrajat Calon Gubernur Jawa Barat Kurun 2018-2023